Kamis, 02 November 2017

KAMELANG

Ngan ukur sieun jeung hariwang, nu jadi saksi pabaliutna eusi hate...
Lain teu melang lain teu hariwang...
Ngan kanyataan saukur do'a jadi hareupan...
Duh Gusti nu Maha Suci...
Manusa ngan boga rencana...
Manusa ngan bisa usaha...
Nun Gusti nu ngajadikeun sagala...
Nun Gusti pitulung sadaya perkara...
Hirup saukur darma wawayangan...
Paanggang lain kahayang...
Papisah lain teu nyaah...
Ngan kanyataan saukur do'a jadi hareupan...
Anging Gusti nu ngersakeun...
Anging Gusti nu nangtoskeun...
Anging Gusti nu uninga...
Naon nu atos, nuju jeung bakal kalakonan...
Kadeudeuh, Katresna, Kamelang ngagulung jadi hiji...
Sanajan ngan dina tulisan eweuh buktina...
Lamun hirup hade disawang...
Moal pegat dipikiran...
Moal luntur kahujanan...
Moal sieun dilakonan...
Moal seunggah dihareupan...
Tapi hirup kudu saluyu jeung kanyataan...
Rek bereum, rek hideung, rek bodas, rek hejo...
Kudu ditarima jeung diniatan...
Lir ibarat hujan panas poe ereng-erengan...
Langit poek tapi halodo...

                                                               NJF

0 komentar :

Posting Komentar

Page View

Diberdayakan oleh Blogger.
 
;